ADEGAN BASA

A. TATA WANGUNAN KECAP

Wangunan Kecap aya 6 rupa, nyaeta:

1. Kecap  Asal

Nya eta kecap anu tacan diropea wangunana, atawa kecap weuteuh anu hanteu dirarangken.

Contona : sangu, lumpat, bodas, jelma, juda jrd.

2. Kecap Rundayan

Nya eta kecap anu make rarangken.

3. Kecap Rajekan

Nya eta kecap anu dirucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagian atawa sagemblangna, robah sorana atawa hanteu.

Kecap Rajekan aya sababaraha rupa, nya eta :

a. Dwi Purwa

Asal kecapna tina dwi = dua; purwa = mimiti, hartina engang nu mimiti diucapkeun dua kali.

Contona : cabok = cacabok, tajong = tatajong

b. Dwilingga

Nya eta nu dirajek sagemblengna kecap, aya nu robah (dwireka), aya oge anu teu robah sorana (dwimurni), nu dirajek engang panungtungna (Dwisasana).

1) Dwimurni, contona :

a) Nuduhkeun loba : bangku-bangku, jalma-jalma

b) Rupa-rupa, sarua sifatna : amis-amis, pait-pait

c) Lila milampahna : nimbang-nimbang, mikir-mikir

d) Nuduhkeun siga : siku-siku, kuda-kuda

e) Nuduhkeun hanjakal : geulis-geulis, kasep-kasep

2) Dwireka, contona :

a) Nuduhkeun rupa-rupa : unak-anik, tulang-taleng

b)Nuduhkeun lewih ti hiji : jul-jol,cug-ceg,sur-sor

3) Dwisasana, Contona : Pudigdug, pudugdug, cikikik, cakakak

c. Trilingga

Disebut trilingga sabab disebutna tilu kali jeung robah sorana.

Contona : dag-dig-dug, hak-hik-huk, pak-pik-pek

4.Kecap kantetan

Nya eta kecap anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu di kantetkeun sarta ngendung harti mandiri anu beda jeung unsur – unsur pangwangunan.

Contona : koneng gede, kacang panjang, indung bapa, mata simeuteun, pondok lengkah, kamar mandi, gede huntu

5. Kecap Wancahan

Nya eta kecap anu asalna meunang mondokeun tina sakecap atawa leuwih tapi lain tina kalimah, pangna dipondokeun aya sababaraha sabab :

a) Lantaran deudeuh

Contona :  Geulis  jadi Iis, neulis, euis

b) Rusuh nyebutna/gancang

Contona : – atuh da jadi atuda, tuda

– matak tea oge jadi taktage

– Ceuk uing oge jadi cekengge

6. Kecap Memet

Nya eta anu asalna tina hiji omongan tuluy dicokot sawatara engangna nu  dianggap penting.

Contona : comro, misro, gulamet, sukro

Selain kecap memet aya oge anu disebut kirata nya eta dikira-kira tapi nyata.

Contona : geksor, durcong, guru

This entry was posted in Uncategorized. Bookmark the permalink.

Leave a comment